Ayeunamah, ampir kabeh jelema boga akun sosmed. Motipasi jeung tujuanna oge macem-macem. Aya anu jang pamer hungkul, aya anu jang neangan kabogoh, aya anu saukur jang curhat, aya anu jang neangan duit~~~. Enya eta aing. Beulian kaos aingteh. Meungpeung aya keneh. :'
Pokonamah jelema anu nyieun akun sosmed ngan saukur jang iseng-isengmah ulah diturutan. Eta jelema kaasup jelema berprilaku menyimpang anjis.
Aing boga akun sosmed ngan 1. Twitter... Path... Istagram.. Anying loba ketang. YM, BBM ge aing boga. Hahaha
((
Tapi inget, timimiti era jaman nabi daud, nepi ka jaman ongkos Angkot trayek Dago-Kalapa goceng, aing can pernah boga pesbuk. Jadi mun aya nu ninggali aing di pesbuk, Like back eeeaaaaa. Eh astagfiruloh
(((. AING TEU BOGA PESBUK!! #Catet #Stabiloan #Vulkanisir
Semenjak sosmed menjadi tren, jeung menjadi parameter kekerenan, peradaban jelema oge beuki rubah . Fungsi-fungsi kabutuhan jelema oge beuki nambahan euy.
Baheula mah fungsi hakaneun teh jang nambahan karbohidrat awak. Ayeunamah hakaneun teh dipake jang bahan koleksi foto di instargam.
(((
Baheula fungsi mobil, jang alat tranportasi kan?, tapi ayeuna. Dijadikeun selfie bari nyetirrrr gening. Bari mobil namah lain nu sieta lain aingge apal. Hehe sebagian ketang
(
Baheula fungsi kamar cai ngan jang mandi jeung modol lah nya simpel na. Ayeuna mah jang pakirim-kirim VN di BBM, da diruang tamu mah VVNAN na era sama si mamah
(
Semenjak aya sosmed, Citra budak gaul siga aing teh jadi goreng lah!. Sabab nu ditinggali kuaing, jelema teh cenderung mara-raksa hayang disebut gaul. Anu tung-tungna?. Salah gaul anying. Mirissss (S na 4)
Tinu sababaraha spesies jelema anu eksis di sosmed, aing merangkum spesies jelema-jelema yunitai yeuh. Cekidot:
1. Spesies jelema penuh drama.
Ciri-ciri: Hiji mangsa sieta betmut, ngetwit nateh pasti mamawa Tuhan. You know meureun anjislah. Anu siaga kieu, "Tuhan, kenapa hidupku begini, tuhan. Aku udah nggak kuat lagi tuhan. Gak ada lagi yang sayang sama aku. Ambil aku sekarang tuhan. AMBILLLL!!!!" Jelema anu kawas kitu lamun dicabut nyaanan moal bisa protes "Tuhan da abimah heureuy
((((((" Moal arisiaaaaaaa!.
Yatuhan, teu ketang
2. Spesies jelema heubeul.
Ciri-ciri: Boga gaya tulisan sorangan. Gede, leutik, angka, leutik deui badag deui. Pokonamah musingkeun lah macana teh jiga maca tulisan prasasti jaman indra tohir ganteng keneh siga aing. Hehe bah, hidup persib bah
3.Spesies jelema salah gaul.
Ciri-ciri: unggal OTW, karek ge ngalengkah patmili, Geus cek-in di path. (I'm at Wahangan Saat with Aep and 420 others). Geus kitu...... teu isuk-isuk, beurang, peuting osok selfie anu ampir sarua. Hulu di dengdek-dengdekkeun, biwir di manyun-manyun, poni dirumbaykeun, leungeun piss dinu tarang. Lobalah
9. Spesies jelema salah didikan.
Ciri-ciri: osok nyarita masalah pribadi. Aya masalah jeung keluargana, ngungutrukna di sosmed. Aisia!!. Jadi, kesanna teh seakan-akan seluruh umat manusia harus tau gitu anying. Plis deh, gausah mendramatisir keadaan, ini tuh hidup. Bukan maen gad op war
((((
14. Spesies jelema osok nyinyir. Sirik.
Ciri-ciri: Hirupna teu bahagia. Jomb...... Ah geus anying heup.
Untuk saat inimah lah, aing ngan nyaman onlen di Twitter. Pernah nyobaan sosmed nu lain, samodel nyieun SIM, SKCK. Eheheheh salah
. Maksud aing teh path, nukitu. Instagram. Ternyata eusina teh jelema jelema anu osok ngaraplod poto hungkul gening. Ah nya enggeus we.. Teruskeun. Da rame HAHAHAHA
(((
Tapi kusabab aing tara popotoan jiga jelema jaman ayeuna, paling di instagram aing ngaplod poto corong minyak, wedak, risbang, sendal jojodog taraje. Hasilna? EUWEUH NUNGAWAROOOO
Tisaprak eta aing percaya weh, moal aya anu care sama poto aing. Kecuali aing nginjeum heula kesing julia peres, kakara loba nu ngomen..... JALU
Awewe geulis, rek dipoto sapoe patbelas kalo oge, batur pasti resep lah. Tah hal ieu teu berlaku jang lalaki, anying. Rek saganteng poto sia di aplod ka istragram kukumaha oge moal aya nu ngawaro moal!!!!!!. Ari polower 0 mah. Boloho!!!!
Seiring berjalannya waktu. Poseu poseu selfie beuki kadieu teh asa beuki unik jeung kreatif.
Baheula, selfie paling ngehits teh dipoto ti sudut paling atas gening. Nepi anu katinggali tarang hungkul we jeung emun-emunan. Ayeuna, poseu selfie geus berinovasi.
Aya selpi hareupeun kaca. Tujuan: ameh rakyat apal, aing make hape kameraan. Masing hapena takso ge. Hayang we atuh batur teh apal kalo aing teh senah make hape... takso.
(
Selfie di jero cai, didarat, di luar angkasa gening aya basa eta. Tinggal nungguan we. Suatu saat! Pasti aya alay anu selfie dijero taneuh. -END
*Iklan: Ayo beulian baju aingggggg okey^^
*Kuis berhadiah permen gulas: Baju gambar apa yang dipake dinu apatar twitter aing? (Jawaban bisa dijawab dikomen jeung mensen). Nuhun, BLOG! Hehe 420x
Sumber : Dadang Konelo
Aku yang beuli ayam nya,,,kamu sama tutup kaleng yang makan nya ..
Aku yang beuli sampo pentin nya ..kamu sama baloteli yang mandi nya ...
Aku yang megat angkot nya. Kamu sama karang megawati yang naek nya ..
Yg nungguannya siapa? Aku, nji, men. Yg beak duit meuli udud siapa? Aku, nji, men. Yg kudu adusnya siapa? Andri Tile
Aku yg katabraknya. Aku yg misalah tuurnya. Aku yg tipalitek bujalnya. Eh ngadon kamu sama Bebi Romeo yg dilongoknya...
Nih yah, aku mah melaan hudang isuk-isuk buat beliin kamu kupat. Eh pas udah di beliin malah pahuap-huap sama Ujang Rinto....
Aku yg ngomekeun antenenya, aku yg meuli batre remotnya. Kamu sama Lurah Ciganitri yg lalajo tipinya...
Itulahh cerita #cetempawMoment ku :(
Mari kita putar otak kita jauh kebelakang.
Ke-dimana, kita sedang merasakan masa masa dimanja.
dipikadeudeuh ku si mamah sama ku si papah baheula.
Rasana teh anjir moal aya duana lah jeung ayeuna mah.
Baheula mah ceurik teh gara gara labuh tinu sapedah,
ayeunamah pedah cinta, Faklop!!.
Baheula mah sirik teh pedah babturan boga tetembakan pestol nu kaluar cai, sekarangmah sirik teh pedah baturmah loba kabogoh, aingmah loba hutang.
Aing sorangan inget keneh. Masa kecil aing aingmah beda
jeung masa kecil budak jamanayeuna.
Budak ayeunamah nyekel gejet, leptop, powerbank. aing baheula boga tamagoci ge bangga.
Budak ayeuna mah kasian gabisa ngarasaan ucing sumput, galah, perepet jengkol jeung kauiinan nu sejen yah. Da ayeunamah aya warnet. Arulin teh nyo nyo'o PB, Poker, shanghai.
Aing inget baheula osok ucing sumput. Dan disaat aing
ucing, nyaho nyarumputna kamana?. Garoblog teh nyumput ka imah masing masing gera. Aingmah riweuh neangan kukurlingan, ai nu diteangan nyampak teh, nuhiji keur dahar, nuhiji geus mandi, nuhiji dihaslin bari dihuapan ku indungna. Ari aing? CRY :'((((((
Terus ieu lay dinu jajanan:. Inget tukang endog puyuh anu kana citakan keun geningning, padahal lain endog anjis etamah tarigu. endogna hiji tariguna 4karung aingge apal. Naha aing nu meuli, jeung aing kudu daek masak?. Ai si emang tukang dagang, gadagna naon? Narima duit hungkul? Goblog Ngeunah si emang teu ngeunah di aing lah. Jeung naha aing teh bet daek. Tinggali siah mang, panggih disonay tampa henti kuaing.
(
Terus lay, nyaho kadaharan MIE JEPANG keur sakola SD?
inget keneh. Mie jepang mie jepang sungut sia trapesiumlah!! Ituteh padahalmah nye-nye-rean lay aisia anu tinu tarigu terus dibentuk nyere-keun. Dan nyieun na eta nyenyerean teh di limbangan lain di jepang. Goblog aing katipu besar ku si ibu-ibu eta. Tapi baelah da ngeunah yah. He 890x
Aya deui permen karet YOSAN berhadiah tato pemain mengbal anjis lay. Cenah barang siapa yang berhasil mengumpulkan cangkang nya yang berhurup Y-O-S-A-N, bakal meunang hadiah sapedah, kantong, jalan jalan ka universal studio. Tapi kata mitosmah cenah, da huruf N namah teu dijieun tipabrikna oge. Atuh nepika pangandaran pindah ka saguling ge moal aya nu meunang hadiah arisa yosan goblog
(((
Aya deui ieumah anu paling nyebelin. Tukang jimbot anu dicang-cang tea gening. 500 mun teu salah mah sapaehna. ah geus sakitu etamah teu kudu dicaritakeun. Arapal meureunlah~
Tapi swit momen keur leutik aing nupaling hepan nyaeta mengbal with barudak sore sore. Lapangna sawah garing anu karek dipanen. Semua pemain diwajibkeun sendalna dibuka, sabab lamun teu dibuka mah bakal alus nyitak na. Unikna mengbal ieu euweuh tihang gul. Tapi diganti ku sendal ditumpuk tumpuk. Jarak badagna gawang, tilu lengkah orang dewasa. Sa acan maen pasti aya istilah suit, jeung perjanjian: "Lamun hand ball (bola kana leungeun) ngaku siah mun teu ngaku didoakeun sing maotna calangap jeung sing jomblo saumur hirup". Gituh~
Hahahahahahahah geuslah pokonamah kaendahan jaman baheula mah moal beak beak ditulismah. Keun we lay jang bahan caritaeun lamun boga budak.
Ngan sakitu ti aingmah. Karomen weh bisi aya carita lucu keur leutik nu lain. Sok ditunggu yah lay. Okey? Teu. Sip
sumber : Dadang Konelo